Amazon MP3 Clips

Kamis, 25 Agustus 2011

Tugas Basa Sunda Pikeun kelas IX SMP N 1 Sumber

TUGAS BAHASA SUNDA UNTUK KELAS IX
Bagean A
1.       Karangan bahasan nu eusina objektif dumasar fakta, bari katambahan
       ku pamanggih anu nulisna husus dimuat dina majalah atawa Koran disebut…..
a.       Bahasan                       c. essay
b.      Artikel                           d. biografi
2.   Bedana antara artikel jeung bahasan nya eta, iwal….
      a. artikel aya pamanggih nu nulis bahasan teu aya.
      b. artikel dumasar fakta bahasan fiktif
      c. artikel biasana haneut keneh bahasan mah relatif.
      d. bahasan mah medar proses wungkul ari artikel mah ngajak mikir kanu maca
           pikeun milu  ngungkulan masalah nu dibahas.
3.  Di handap bias dijadikeun judul artikel, iwal….
     a. Saung angklung Mang Ujo ti Bihari Manjing  Kiwari.
     b. “Benjang Kolot” Nu lestari
     c. Proses Nyieun Sapatu Kulit di Cibaduyut.
     d. Ngungkulan Korupsi  Lain Pagawean Enteng.
4.  Tujuan nyieun artikel the nya eta pikeun….
      a. mere informasi ka balarea jeung mikiran hiji pasualan.
      b. mere informasi wungkul.
      c. mere nyaho ngeunaan nyieun hiji proses.
      d. maksa pikeun milu kana ideu nu nulis.
5.   Taun 1966 Mang Udjo Ngalegena ngabaladah nyieun saung Angklung . Dibarung pangrojong bojona, Uum Sumiyati, Mang Udjo ngalegena mekarkeun rupa-rupa tarekah dina mekarkeun calung. Dirina ngadumaniskeun lingkungan , masarakat, jeung kasenian, jadi tempat pangjugjugan, jadi ‘dagangan’ dina paket wisata. Usaha samdel kitu teu burung nembongkeun hasil. Sataun ti harita, sohor ka mana-mana, kajojo ku turis luar negeri teu weleh loba.”
       
Cutatan paragraf di luhur kaasup kana conto….
a.       Bahasan                         c. essay
b.      Artikel                             d. biografi
6.       Proses nyieun sapatu ku industri sapatu dimimitian ku motong kulit nu mangrupa bahan baku utamana dumasar kana pola pesanan tea, kulit pikeun bagean-bagean sapatu the dikaput dihijihijikeun  ku bagean sewing tuluy ka bagean cecking di ieu line dicek  sarah dipilih nu mulus jeung nu cacad. Nu dihijikeun jeung bagean lain saperti insole jeung outsole dielem tuluy dipres. Sanggeus sapatu jadi dicek ku bagean Quality Control (QC) sangkan ulah nguciwakeun konsumen, dipak nepika didusan. Sapatu siap diekspor.
Nilik eusina cutatan alinea di luhur kaasup kana conto….
c.        Bahasan                        c. essay
d.         Artikel                           d. biografi
7.       Kalimah ngantet dina bahasa Indonesa mah sarua jeung….
a.       Kapimat Pasif                               c. Kalimat Sederhana
b.      Kalimat Majemuk                      d. Kalimat Aktif
8.       Kalimah Ngantet satata sarua jeung….
           a.       Kalimat majemuk setara
           b.      Kalimat majemuk bertingkat
           c.       Kalimat intransitive
           d.      Kalimat Sederhana
9.       Bagas gering. Kaasup kana kalimah….
a.       Salancar          b. ngantet          c.  pasif    d. inversi
10.   Kalimah ngantet nu salah sahiji klausana teu bisa mandiri disebut….
a.       Kalimah ngantet satata lalawanan
b.      Kalimah ngantet satata satujuan
c.       Kalimah  ngantet seler sumeler
d.      Kalimah ngantet satata sabab musabab
Bagean B
Tangtukeun kaasup kana kalimah ngantet naon!
1.       Bapa maca Koran, Ema masak (………………….)
2.       Lanceukna bodas tapi  adina mah hideung. (………………….)
3.       Ega ditarima di SMA Taruna lantaran budakna pinter
        jeung rajin. (…………………………….)
4.       Basa indungna keur masak, Udin mah masih
       keneh sare. (…………………….)
5.       Kuring dahar aci nu digoreng baruleud
       sarta dibumbuan. (……………………)


Bagean C
Tangtukeun JCOK-na/SPOK-na!
Conton : Waktu indungna  ka pasar , semah  datang.
                                 J                     C              J            C     

1.       Kuring diuk handapan tangkal  buah.
2.       Siswa nu pinter nu sok rajin macana tea rengking kahiji di kelas 9-A
3.       Ketua Osis SMP N 1 Sumber the keur mere pengumuman.
4.       Fuad keur diajar bahasa Sunda.
5.       Udin nulis surat, Mamat nulis carpon.

Tugas dikumpulkeun dina kertas salambar luyu jeung jadwal pelajaran bahasa Sunda!     

Minggu, 21 Agustus 2011

Buku-Buku Karya Ihers dan kawan-kawan













Tugas Materi Babad Cirebon pikeun kelas VII SMPN 1 Sumber

NGADEGNA KARAJAAN ISLAM DI CIREBON
Di tatar jawa teh aya lima karajaan nu teu leupas tina sajarah nu patalina jeung sumebarna agama  Islam di Indonesia . Eta karajaan teh diantarana Demak, Pajang, Mataram, Banten jeung Cirebon. Cirebon teh sababaraha kali ngalaman parobahan ngaran. Mimiti “Saruban” terus robah jadi “Caruban” ieu kecap oge ngalaman parubahan jadi “Carbon”, nepi ka ahirna mah jadi Cirebon.
Disebut Caruban lantaran boh sumber lokal oge sumber asing nyebutkeun yan pendiri kasultanan Cirebon nya eta: Raden Walangsungsang alias Ki Samadullah hasil ngadatangkeun  pendatang. Daerah tegal alang-alang nepi ka jadi daerah nu kasohor sarta loba didatangan ku urang  Sunda, Jawa, Arab, jeung China nya nelah eta daerah teh kalawan sebutan “Caruban” nu hartina campuran. Salian ti campuran etnis, oge campuran agama.
Sedengkeun kecap Carbon, disebut-sebut ku para wali lantaran sabage “pusat jagat” , nu dianggap ayana di tengah-tengah pulo Jawa. Masarakat sabudeureun nyebutna “Nagari Gede” diropea deui jadi “Grage”. Aya oge nu  nyebutkeun Grage teh dipakaitkeun jeung tarasi. Grage asal tina kecap “Glagi” nu hartina udang garing.
Sedengkeun ngaran Cirebon mimiti  disebut-sebut nya eta ku Tome Pires, salah saurang akuntan Portugis dumuk di Malaka dina taun 1513 pernah datang ka Cirebon.
Nyaritakeun Cirebon moal leupas tina karajaan Pakungwati, Kasepuhan, Kanoman jeung Panembahan. Dua tokoh oge miboga peran penting nya eta Pangeran Cakrabuana jeung Sunan Gunung Jati (Syarif Hidayatullah).
Ari Pangeran Cakrabuana teh Uana Sunan Gunung Jati anu miboga kakawasaan di eta nagri sakaligus jadi cikal bakal ngadegna Karaton Pakung wati.
Basa taun 1527 Sunda Kalapa kacangking ku Fatahillah. Kocapkeun Syarif Hidayatullah anu digedekeun di nagara bapana, sanggeus dua puluh taun indit ngalalana ngadon guguru ka sababraha ulama di Mekah. Teu lami ti harita ramana pupus, ku lantaran anjeuna teu kersaeun ngagentos kalungguhan ramana nya diserenkeun ka rayina. Anjeuna mah milih indit ka pulo Jawa pikeun nyebarkeun agama Islam. Waktu Banten keur jaya sabage kasultanan nu berdaulat dina kakawasaan putra Susuhunan Jati nya eta Sultan Hasanudin.
Sunan Gunung Jati  Hasil nyebarkeun agama Islam di Tatar Pasundan, ampir 2/3 wilayah Jawa Barat samemeh Banten misah. Ti mimiti taun 1678 dina wilayah perlindungan Banten Kasultanan Cirebon kabagi tilu nya eta: kahiji Kasultanan Kasepuhan, kadua kasultanan  kanoman, katilu Panembahan.
                                         (dicutat tina Sejarah Kota-Kota di Jawa Barat kenging Prof. Dr. Nina Lubis)



      PANCEN 
      1. Aya sabaraha kerajaan Islam di tatar Jawa teh?
      2. Naon pangna disebut “Caruban”!  Jelaskeun?
      3. Saha nu mimiti nyebut ngaran Cirebon? Urang mana? 
      4. Saha nu nyebut-nyebut ngaran Carbon?
      5. Naon pangna disebut Pusat jagat?
      6.Sebutkeun sababaraha ngaran Cirebon samemehna?
      7. Naon hartina Grage?
      8. Saha nu ngadegkeun karajaan Pakungwati?
      9. Saha dua tokoh Sentral nu aya patalina jeung Cirebon?
      10. Taun sabarah Sunda kalapa kacangking ku Fatahillah?
      11. Naha Syarif Hidayatullah teu kersaeun ngagentos kalungguhan Bapana? 
      12.   Saha nu putra susuhunan Jati nu ngawasa kasultanan Banten teh?
      13.  Sunan Gunung Jati nyebarkeun Islam ampir…..Jawa Barat
             (memeh banten misah).
      14.   Ti mimiti taun 1678 dibawah perlindungan Banten
             Kasultanan Cirebon kabagi sabaraha bagean?   
      15.   Dicutan tina naon eta bacaan teh? Saha deuih pangarangna?

Senin, 15 Agustus 2011

Conto-conto naskah dongeng/Babad berbahasa Sunda



Naskah dongeng kanggo Pasanggiri Aprěsiasi Bahasa Sastra sareng Seni Daěrah Taun.2011
Patandang ti SD Negeri 1 Munjul Kacamatan Astanajapura Kabupaten Cirebon
" Babad Alas Roban "" Babad Alas Roban "
  
Assalamu’alaikum warohmatullahi wabarokatuh .   
Sampurasun ………….!
Para wargi  sadaya wilujeng  tepang ….., kumaha  daramang  …………?!
Alhamdulillah  urang tiasa patepung lawung ,  patepang raray di ieu pajemuhan  dina raraga  ngaraksa  sarta ngamumulě  seni budaya urang , budaya Ki Sunda , malar lana ayana.
Para wargi sadaya  …..dina danget ieu sim kuring  badě ngadongěng ….. dupi dongeng ieu těh  nyarioskeun salah sahiji dongěng ti wewengkon Cirebon . Dupi judul ieu dongeng těh  . nyaěta  “ Babad Alas Roban  “. Cobi geura  darangukeun  kieu cariosna těh.
Kocapkeun dina hiji mangsa  aya hiji jajaka keur leumpang mapay  jalan satapak semu teunangan.Ari dedeganana ěta jajaka těh  sembada , rarayna kasěp.Mun ningal raksukanana anu dianggo,jigana mah teureuh měnak,da katingal gandang.Tapi pameunteuna těh katingal  alum semu ngungun ,jiga nu keur manggih kabingung nu taya tungtung , susah manah nu taya hinggana.Sapanjang jalan katingal luh-lah bari rumahuh semu ngalamun.
“ Hhhhhaaaahhh …… Aya kalangkang kabagjaan nu baris kahontal, bakal laksana kapiduriat nyandingkeun nu geulis Nyi Mas Ratu Sekar Kedaton ,kapimilik diri ngalaki rabi,  tapi………aaaahh……..naha kangjeng Sultan měrě tanjakan  těh mani beurat-beurat teuing ? “ kitu gerentes hatěna těh.” Naha ….kangjeng Sultan těh keur mentěs těkad kaula nu rěk mikanyaah kanu geulis Nyi Mas Ratu Sekar Kedaton ? atawa miceun salasah sangkan kaula henteu laksana nyandingkeun nu geulis ? duuuuhhhh ……!!! “ ceuk gerentes hatěna  bari terus lumampah nuju ka teběh wětan .Mana horěng ěta jajaka těh Pangeran Sutajaya anu dipasihan pancěn ku Sultan Cirebon  pikeun ngadamel padukuhan di wewengkon Alas Roban,kalayan diběrě jangji ,lamun hasil ngalaksanakeun ěta pancěn, baris ditikahkeun ka putrina anu geulis Nyi Mas Ratu Sekar Kedaton.Anu ngajadikeun bangbaluh kana hatěna nyaěta kudu ngabukbak leuweung geledegan pikeun dijadikeun padukuhan.Sedengkeun ěta leuweung  geus kawěntar sanget,sunil tur  pangeusi alas roban těh  sarakti. Geus loba pinangěran , para satria jeung para ponggawa anu teu mangga pulia , palastra di alas roban ,teu bisa ngalaksanakeun pancěn sultan.
Gancangna carita Sutajaya těh geus nepi ka wewengkon rarambu alas roban.Sanggeus ngareureuhkeun kacapě, maněhna terus sila ,leungeuna sidakep sinuku tunggal,museurkeun tanaga jeung pikiran ,mapatkeun jampě pamakě , ajian kasaktěn nu aya dina dirina .Teu sabaraha lila ti harita , kuniang maněhna hudang ,bari ngulang-ngulangkeun leungeuna ka kěnca , ka katuhu, ,kaluhur sarta ka handap. Ngan sakilat  tutuwuhan  anu jarangkung  pada rubuh,tatangkalan baradag rarungkad,sumawona kakayon  nu laleutik mah lidig  siga nu di arit di cacar bolang nepi ka rata . Kaděngě sorana pating galebrug ,pating dorokdok . Sanggeus kitu terus dihuru.Seuneuna ngelun ,ngentab-ngentab,silalatuna  ting serewul ngapung kaluhur,haseupna  mulek moěkan ěta patempatan.
Urang teundeun heula lalampahan Sutajaya anu keur ngabukbak leuweung.Kocapkeun kaayaan di hiji tempat di jero Alas  Roban.Pangeusi alas roban keur ngariung sigana mah keur sawala ,madungdengkeun kaayaan alas roban.katingalna těh mani daria pisan.
“ Ki Wana  ,Ki Giri, Ki Rawit, Ki Sanca ,Ki Jalatrang , Ki Rangga katut dulur-dulur sakaběh Pangeusi . Ngabandungan kajadian-kajadian nu geus kaliwat ,geus loba duruwiksa nu rěk ngaranjah  tur ngaruksak ,lemah cai  urang.Ku kituna  sarěrěa  mangka surti ati-ati, masing waspada ,sing caringcing pageuh kancing,saringset pageuh iket. Tingkatkeun kawaspadaan. ! “ Ki Panghulu minangka pupuhu alas roban nyarita daria pisan.
“ Leres pisan , kakang  ! “ Ki Wana  nyarita “ Lemah cai urang nu ěndah ,hějo ngěmploh,gemah ripah loh jinawi,taya kakurang sandang katut pangan ,pon kitu deui kahirupan urang nu salila ieu genah tumaninah , ayem tengtrem,sepi paling towong rampog taya durjana nu nyaliara,kiwari  rěk diacak – acak,kula mah teu tarima !“
“ Enya , kula gě sapuk….. panuju ……lamun urang henteu guyub sauyunan ,sareundeuk saigel, sarěngkak sapihaněan, mirosěa,ngaraksa tur ngariksa  ieu lemah cai urang,geus tangtu  ieu patempatan urang  bakal digadabah ku duruwiksa.,teu tarima kula gě !!! “ Ki Rawit  mairan .
” Panuju pisan …Ki Rawit …! Lamun lain ku urang  sarěrěa  rěk kusaha deui atuh nu micinta lemah cai těh ? “ Ki Rangga  němbal sumanget pisan.
  “ Sarua kaula ogě….lamun aya nu rěk ngaganggu kahirupan urang ,kula nu baris pangheulana maju kahareup pikeun numpes durjana těh …..” Ki Sanca nyarita semu nu ambek.
“ Panuju …..kula gě siap sayaga …..narohkeun nyawa katut raga pikeun ngaběla lemah cai ,kumaha dulur-dulur  siap !!  panuju …!!! “ ceuk Ki Jalatrang  sumanget bari nangtung sarta ngacungkeun peureupna ka luhur
“ Panuju …. Sapuk….. satuju ……… siap……!!! “ jawab sakaběh nu ngariung rampak
Tapi gunem catur pangeusi Alas Roban těh ngadadak jadi simpě,kagareuwahkeun ku ayana sora nu pating dorokdok jeung pating galebrug sarta katingali seuneu marakbak ngahuru kakayon .
“  Kahuruan……………!!   .kahuruaaannnnnn……… !!    Kahuruaaaaaaaaaaannnnnn !!! “
Pangeusi rarambu  alas roban  pating corowok sarta ting serebet  lalumpatan  muru ka tengah leuweung nyalametkeun dirina sěwang-sěwangan. “ Tulung…. Tuluuung  ….. !!  Kahuruan……. Kahuruan….tuluuuuuuungngng…..!!!”
“ Dulur-dulur ….kaya-kaya   durjana nu rěk  ngaruksak těh geus datang deui  !!! mangka waspada , geura sayaga ,siapkeun pakarang ,   urang kepung wakul buaya mangap tah  si duruwiksa těh  !!” Ki Panghulu ngagorowok .
“ Siap ……..!!!      sayaga………!!!   hayuuuuu…!!!!  ceuk nu sějěna pating corowok  bari terus lalumpatan muru aka lebah rarambu leuweung  beulah kulon.Barang maraněhanana datang , katempo aya hiji jajaka keur ngahuru ěta patempatan.
“ Kurang ajar ,  siah duruwiksa  ! “ Ki Sanca ngagorowok ,sorana handaruan tarik pisan,  Ěta  patempatan mani eundeur  ku sora gorowokna Ki Sanca. Gajleng maněhna luncat  sarta ngaheumbatkeun  panonjok ka lebah Sutajaya. Atuh Sutajaya kacida kagětna ,barang karěrět  aya peureup buleud rěk nonjok dirina . Lep Sutajaya ngelok, plos, tonjokan Ki Sanca ngeplos. Nempo tonjokan Ki Sanca ngeplos,Ki Rawit ngagajleng najong Sutajaya ,gilek Sutajaya ngagilekkeun awakna  bari leungunna něwak suku Ki Rawit sarta dibantingkeun ka Beulah kěnca, atuh  gebru Ki Rawit  ngagebru dina taneuh ,” Haram jadah …Siah !!” Ki  Rawit ngagerung. Ki Wana jeung Ki Dipa  teu cicingeun ,duanan ngepung ti beulah kěnca jeung katuhueun Sutajaya,gajleng duana luncat rěk nubruk Sutajaya, barang nempo aya musuh ti kěnca jeung katuhueunana rěk nubruk,cleng….Sutajaya ngajleng kaluhur,atuh ….brak….tarang Ki Wana paadu jeung tarang Ki Giri,” Bangsat…siah   !!!” Ki Wana jeung  Ki Giri ngagorowok  nyerieun bari leungeunna nyekel tarang nu bencenong siga nu nongnong. Nempo kaayaan kitu Ki Jalatrang teu cicingeun,sěrěpět maněhna  mesat bedog terus diheumbatkeun kana beuheung Sutajaya. Sěak…. Gurilap seuseukeut bedog Ki Jalatrang  moro genggerong ,Sutajaya ngelok bari najongkeun sukuna kana bobokong Ki Jalatrang, solontod Ki Jalatrang nyolontod,….gebro   !!   awakna neunggar tangkal “ Aduh… !!! Ki Jalatrang ngarahuh. “ Nurus tunjung siah !!“.Ki Panghulu nu nyaksian ka ayaan kitu  ngagerentes dina jero hatěna “  Lakadalah…. Lain bantrak-bantrakeun yeuh…pangabisa   si durjana těh ,” bari terus kekeprok měrě isarah kanu liana. Keprokna ogě lain keprok samaněa,tapi keprok nu ngandung tanaga jero nu kacida geděna. Barang ngaděngě  aya sora kekeprok,Ki Wana ,Ki Giri jeung nu sějěna pada surti ,terus maraněhanana sarila,bari ngarapetkeun dua dampal leungeuna ,sarta katingali pating gerenyem mapatkeun ajian.Teu lila ti harita kaděngě aya sora handaruan “    Puaaahhh! “,maraněahanana murakeun ajian ka lebah Sutajaya bari ngaheumbatkeun dua dampal leungeuna..Sutajaya kagět kacida, blak ..awakna ngajengkang katukang . Awakna ngadak – ngadak jadi leuleus taya tangan pangawasa,ngaleketey lir kapas kaibunan.” Aduuhhh..!!! Tobaaaatttt  .!!  cenah .Sutajaya ngajerit.  “ Cilaka , kaya kieu mah aing těh ,yeuh ….!” Sutajaya ngagerentes.Tapi teu lila kituna těh, maněhna gancang, diuk bari terus sila ,sarta sidakep sinuku tunggal. Teu sakara-kara awakna  jadi jagjag deui.. Korejat maněhna hudang, jleng… luncat ninggalkeun pakalangan ,terus lumpat ngulonkeun. Teu diděngě pating corowokna pangeusi alas roban mah ,maněhna geus ngarasa katětěr, ěleh jajatěn ku kasaktěn pangeusi alas roban.Sanggeus rada anggang ti rarambu leuweung, Sutajaya ngalungsar handapeun tangkal kiara,hatěna norowěco.
 “ Beu Cilaka  kaya kieu  mah  aing těh , bener ….lain ngan ukur běja  ..kasaktěn pangeusi alas roban těh     geuning . Kudu kumaha atuh…..ngungkulanana ?.” Sutajaya humandeuar jiga nu pegat  harepan, sabab teu bisa ngalaksanakeun pancěn Kangjeng Sultan.
 “ Duuuhh ……moal  laksana aing těh nyandingkeun nu geulis  Sekar Kedaton.” Sutajaya ngarahuh,semu hanjelu  sarta bingung.
“ Anaking….Kasěp…Sutajaya   !! “ ngadadak aya sora halon pinuh kadeudeuh sarta ngajanggělěk  hiji sepuh nangtung dihareupeun Sutajaya.
“ Rama… !?!” Sutajaya ngarěnjag kagět lain dikieuna pacampur jeung bungah nu taya papadana . Mana horěng ěta sepuh těh ramana , nyaěta Ki Gedě  Pakandangan.
“ Anaking….  Ama geus ngarti kana lalampahan anjeun .Ku ama geus ka warti . Tapi naha  anjeun bet kitu ? “ Ki Gedě Pakandangan  nyarita semu nu nyalahkeun kana lalampahan  Sutajaya.
“ Kapan ……ieu těh pancěn ti Kangjeng Sultan , Rama ? ” Sutajaya ngajawab.
“ Enya ,kaharti ku Ama ogě . Ngan Hidep ngalaksanakeun ěta pagawěan těh dibarengan ku napsu amarah ! “ Ki Gedě Pakandangan ngajawab daria pisan. “ Sok komo  bari jeung teu makě tata krama,ninggalkeun sopan santun, ngaranjah lahan batur tanpa permisi ,naragal henteu ngajak badami kanu nempatanana. “ Ki Gedě Pakandangan neruskeun deui omonganana.Barang ngadangu cariosan Ramana kitu,Sutajaya ngeluk tungkul lir bueuk meunang mabuk.Rumasa boga lampah samoděl kitu.
“ Duh… hapunten Rama, rumaos abdi kirang wiwaha .” Sutajaya ngajawab bari ngalengis.
“ Jig ,Ayeuna mah geura miang  deui  ka ditu.Geura tembrakkeun niat suci  jeung  pamaksudan ka maraněhanana ,yěn pancěn nu diemban ku hidep těh ,pikeun karaharjaan sarěrěa .Tong poho  kana tatakrama,ulah maksakeun kahayang , sok komo ngarobah tatanan kahirupan nu aya . Bral geura miang  anaking…do’a ama marengan ! “ Kitu kasauran Ki Gedě Pakandangan .
“ Unjuk sumangga , Rama , Hatur nuhun kana piwejangna “Sutajaya ngajawab bari terus cengkat .Tapi kacida kagětna ,barang cengkat  Ramana parantos teu aya duka ngiles kamana.Sanggeus kitu  maněhna  ngajugjug ka Alas Roban  seja neruskeun deui lalampahanana ngalaksanakeun pancěn ti sultan Cirebon.
“  Sampurasun ……….!!!” Sutajaya unjuk salam ka pangeusi alas roban.
“ Rampěs…      !!! “ Tembal Pangeusi alas Roban saur manuk.
“ Ki Sanak … saha ari anjeun ? Urang mana ? jeung naon pamaksudan sampěyan ?” Ki Panghulu  nanya ka Sutajaya.
“ Sim kuring  Sutajaya, ti Pakandangan, langkung ti payun seja nyanggakeun  beuheung teukteukeun ,suku gentěng belokeun,rumaos kaula  parantos  kumawani naragal ieu patempatan bari teu běběja , rumaos kirang wiwaha.,sakali deui hapunten anu kateda. Kaping kalihna kaula těh kěnging pancěn  ti  kangjeng Sultan  pikeun  ngababakan ngadamel hiji padukuhan di ieu patempatan. “ Těmbal Sutajaya  bari sideku  dihareupeun para sesepuh pangeusi Alas Roban.
“ Nya …ari kitu mah , pamaksudan  andika  geus kaharti ku kaula , Lamun enya ěta pamaksudan těh keur kamaslahatan balarěa ,kaula satuju. Ngan  ngaruksak tatanan kahirupan nu aya,sarta bisa ngawujudkeun  karaharjaan pikeun balarěa.Kaula jeung pangeusi alas Roban moal rěk ngorětkeun.” Ceuk Ki  Panghulu teges pisan .
“  Hěy …. Sakaběh pangeusi alas roban  naha aranjeun satuju lamun ieu patempatan rrěk dijadikeun padukuhan anu mangpaatna pikeun karaharjaan balarěa  ? “ Ki Panghulu nanya ka balarěa .
“ Satuju………… Sapuk ……….!!! “ Ceuk balarěa  ragem.
“ Saupama kitu mah ,hayu urang guyub sabilulungan ,pikeun ngawujudkeunana,sarta urang babarengan ngaraksa ngariksa ,sarta ngaropěana,sangkan ngawujud nagara anu gemah ripah lohjinawi ku nyiptakeun  kahirupan  nu raharja ku cara  Silih asah,silih asih,jeung silih asuh.” .Sanggeus sarěrěa  sapamadegan, Sutajaya katut sakaběh pangeusi alas roban ti hot hat nyieun padudukan nepi ka ngawujudna.
Gancangna carita Sutajaya geus hasil ngalaksanakeun pancěn ti Kangjeng Sultan,nu saterusna ditikahkeun sareng  Nyi Mas Ratu Sekar Kedaton.
Tah , sakitu dongěng ti sim kuring muga aya mangpaatna pikeun urang sarěrěa.
Cag ……Ah  !!!
Bilahi taupik walhidayah  wassalamu’alaikum warohmatullohi wabarokatuh. (Cag heula ti Mang Yadi)
Conto Dongeng 2
Naskah Dongeng Sunda
 “ Syeh Benting Jeung Budak Angon Meri ”
   Assalamu’alaikum Wr.Wb.
Sampurasun...!!! Batur-batur.....karumpul..kumpul ...!!! 
Urang ngariung....yuuu.........!!!
Kuring boga hiji dongeng .Dongeng ieu teh nyarioskeun salah sahiji dongeng ti wewengkon basisir Cirebon,mangsa jaman para wali nyiarkeun agama Islam.Ari judul dongeng ieu teh nyaeta “ Syeh Benting jeung Budak Angon Meri  “. Cobi geura pirengkeun cariosna teh kieu.
          Dina hiji mangsa ,wayah sore ,memeh sarangenge surup ,ti beulah kulon layung geus hibar, cahyana beureum hurung gumebyar kaemasan , Syeh Benting keur mendeko sila dina galengan tambak sisi basisir.Syeh Benting teh keur tatapa ,neangan kasakten , sangkan jadi jalma anu sakti mandraguna,jadi lalaki langit lalanang jagat nu taya tandingna.
Syeh Benting lalaku kituna teh ti mimiti tangkal randu  sagede curuk nepi ka sagede beuteung munding ,tatapana teh tacan tamat. Manehna sila wae bari  leungeunna sidakep sinuku tunggal ,matana peureum , pikiranana panceg manteng kanu kawasa.
Hiji waktu dina sajeroning tatapana ,manehna meunang gogoda.Godaanana teh nempo kadaharan anu ngarareunah, ngajanggelek di hareupeunana.Sangu  saboboko, pais lauk,bakakak hayam,sambel tarasi, mani ngebul haraneut keneh pisan kumplit jeung lalabna .bubuahan oge aya minangka cuci mulutna. Syeh Benting kapincut , biwirna mani kumetap wae  barang nempo eta kadaharan teh.
”Keun engke we lah didaharna, sakalian rek buka,mungkas tapa, mangsa panon poe geus surup di beulah kulon”, gerentes hatena .Karek ge boga niat rek buka tatapana,teu disangka jeung teu dinyana, teu kanyahoan timana jolna,ujug-ujug burudul wae aya aleutan meri  ngaranjah kana eta kadaharan nepi ka beak , ledis taya sesana.Atuh Syeh Benting teh ambek kacida,napsuna ngagugudug.Gajleng manehna luncat newak meri hiji ,terus dicekek nepi ka paehna.Tacan puas maehan hiji meri,Syeh Benting malik rek newak meri sejenna,barang malik, breh katingal ku manehna aya jelema datang ngadeukeutan manehna   bari ngomong “Hey ...ki sanak ! Naha  anjeun bet wani- wani maehan meri kuring ?” si mana horeng jalma anu datang  teh budak angon meri.
“Kurang ajar !” ceuk Syeh Benting  anu can leungit rasa mengkelna,katambah – tambah aya jelema nyalahkeun dirina.Hatena tambah ambek , nepi ka beungeutna geuneuk,nahan napsu anu
ngagugudug .Beungeutna beureum  lir  wayang Rahwana.Terus Syeh Benting ngomong bari ngamang-ngamang leungeunna, “Hey....Ki Sanak.!  Dahareun kuring  beak kabeh dihakan ku meri maneh ! Ayeuna maneh bet nyalahkeun kuring ? Naha maneh hayang  dipodaran ku kuring ?” Ceuk Syeh Benting bari popolotot.
“ Ke .ke..ke....Sabar heula , ki Sanak  ! “ cek jelema tadi bari mesem. “ Dahareun anjeun sakumplitna ku kuring tangtu diganti ,tapi ... anjeun kudu bisa  ngahirupkeun deui  meri kuring nu geus dipaehan ku anjeun !” Ceuk budak angon  meri  bari tetep kalem.
“ Ngomong naon maneh ?!” ceuk Syeh Benting tambah sewot , hatena ngarasa dihina ku budak angon,terus ngomong,”Ahhh ....timana maneh  bisa ngaganti dahareun kuring anu sakitu lobana ,keur dahar maneh sorangan oge euweuh !”Syeh Benting beuki kekerot nahan amarahna.” Sabenerna maneh teh kudu ngarasa untung....meri maneh henteu dipaehan kabeh ku kuring !”ceuk  Syeh Benting bari sukuna tetenjrag sarta leungeunna ti pepereket nahan ka ambek .
“ Ke ....ke...ke... heula Ki Sanak ulah ambek-ambekan wae atuh , sabar saeutik mah.!” Tembal budak angon bari tetep tenang ,terus ngomong deui ,” Tuh tingali geura tukangeun sampeyan , dahareun anjeun sakumplitna masih keneh weuteuh.!” 
 “ Mustahil .... !” ceuk Syeh Benting bari malikeun awakna nempo ka tukang.Barang malik, manehna kacida ngaranjugna ningali kadaharan anu tadi beak diranjah meri teh,masih weuteuh keneh , teu coceng saeutik-eutik acan .Syeh Benting ngajanteng salila-lila ,siga patung ,teu bisa ngomong bawaning ku  ngarasa heran jeung kaget anu taya hinggana.Sanggeus kitu Syeh Benting malikkeun awakna  nyanghareup ka budak angon deui. Barang malik, breh teh katingal budak angon teh keur niupan hulu meri bari jeung leungeunna ngusapan kana awakna . Meri nu geus paeh tea hirup deui , teu sakara-kara, bisa lumpat muru ka baturna.
Syeh Benting kacida hemengna terus mikir sarta ngomong sajeroning hatena,
” Wala kadalah.....!  ieu jelema teh lain jelema nu sabrongbrong yeuh. Geuningan jelema sakti.Aing moal bisa ngahirupkeun deui meri nu geus paeh  mah! Duh....kaya kieu mah cilaka aing teh.Jalma kieu mah lain lawaneun aing...... “! Ceuk Syeh Benting ngagerentes na jero hatena.
” Kaya kieu mah aing teh rumasa eleh jajaten ku budak angon ! Na saha ari ieu jelema teh ? Naha Dewa kitu ?”Syeh Benting tambah mentegeg teu bisa ngomong.Lila-lila awak Syeh Benting ngarumpuyuk taya tangan pangawasa ,awakna leuleus lir kapas kaibunan , kesang  tiis  ngagarajag kaluar sabulu-bulu bawaning ku sieun jeung ngarasa taluk teu bisa ngungkulan kana kasakten budak angon.Terus manehna ngagabrug kana dampal sampeyan budak angon bari ngomong dareuda                            “ Duh....ampun...ampun  ...Ki Sanak... !!!.abdi  ampun.!!!..Abdi rumaos eleh jajaten ku salira.Hapunten abdi tos kumawantun campelak ka salira .......hapunten abdi ....!!!... Abdi pasrah ...ka salira !”Syeh Benting  ceurik ngagukguk  bari leungeunna acong-acongan nyembah ka budak angon tea.
“Ki Sanak ,anjeun teu kudu  kikituanan ,sok komo bari nyembah ka diri  kuring.... da  kuring mah jalma biasa .Anu kudu di sembah mah iwal ti pangeran.Allah anu Maha Kawasa,anu nyiptakeun langit jeung bumi katut  saeusina.” Tembal budak angon daria pisan.”Sok geura hudang ! ulah kitu ....ah !”.Cek budak angon bari ngahudangkeun Syeh Benting lalaunan.
” Kaulanun ...... !!!  Dupi saleresna salira teh saha ? .....Ti danget ayeuna  abdi seja kumawula ka salira ,sarta abdi bade guguru elmu luhung ti salira ,mugi salira kersa nampi.”
Ti saprak harita Syeh Benting ngawula ka budak angon, anu taya lian anjeunna teh SUNAN GUNUNG JATI, anu nuju nyebarkeun agama Islam di tatar Cirebon. Nu saterusna Syeh Benting ngucapkeun dua kalimah syahadat , ngagem agama Islam.
Tah sakitu dongeng ti kuring, mugi-mugi aya mangpaatna, jadi pieunteungeun keur kahirupan urang sarerea .Cag......ah !
Wassalamu alaikum wr.wb................................

                                                                                            Munjul, Juni 2009
                                                                              Tina Pangajaran Basa Cerbon Kelas IV
                                                                                          Diropea/ disundakeun ku 
                                                                                               Mang yadi Ebhod’s




Conto-conto Pidato (biantara)/Hutbah B. sunda


CONTO NASKAH BIANTARA
NEULEUMAN HIKMAH IBADAH SHAUM DI BULAN ROMADHON
Assalamu’alaikum warrahmatullahi wabarokaatuh,
Dina dinten ieu, hayu urang sasarengan ngalisankeun rupi-rupi kalimah pikeun muji kaagungan Alloh Nu Maha Kawasa. Dina dinten ieu sakumna umat islam pada-pada ngaraos bagja rehna tiasa deui ngajalankeun ibadah shaum.
Shaum nu dijalankeun ku urang lain ngan saukur ibadah jeung pengabdian ka Allah tapi oge tiasa neuleuman hikmah nu ngan wungkul Allah nu paling uninga. Tapi sok sanaos kitu teu aya lepatna urang nyobian neuleuman sakedik tina nilai hikmah nu mangpirang-pirang ku Alloh dipasihkeun. Hal ieu diperyogieun sangkan urang kamotivasi sangkan bisa enya-enya ngamalkeun sagala ibadah shaum di bula Romadhon ieu. Nilai jeung hikmah teh mangrupa dampak langsung nu ditarima jeung nu dirasakeun ku sakumna manusa nu kalawan ikhlas ngajalankeun eta ibadah shaum.
Dina ibdah shaum salian ti dilatih ngendalikeun diri tina hawa nafsu, ibadah shaum oge, bakal numuwuhkeun nilai-nilai moral jeung ahlaq nu hade ka umat manusa, hiji ajaran nu ngalatih supaya manusa siap nyanghareupan sagala kamungkinan boh cocoba atawa musibah kitu deui godaan harta banda. Salian ti eta ngajauhkeun sagala larangan, sarta ngalobaan sagala aktifitas  amal sholeh, silih asaih ka papada manusa. Lamun ku urang diteuleuman aya nilai-nilai ajaran akhlak dina ibadah shaum diantarana:
1.       Rasa sanasib sarua hamba Alloh anu ngalaman rasa lapar, hanaang jeung nahan tina batasan-batasan nu ngabatalkeun shaum.
2.       Numuuhkeun rasa prikemanusiaan jeung numuwuhkeun rasa nyaah ka sasama ku cara mere maweh kanu ngabutuhkeun pitulung urang. Hal sejenna shaum bakal numuwuhkeun rasa kepekaan social pikeujalma  keur ngajalankeun ibadah shaum.
3.       Ningkatkeun kasabaran dina nandangan sagala ujian jeung cobaan kalawan hade luyu jeung parentah Allah.
4.       Ngajadikeun jalma jadi  amanah, teu gampang ngabohong. Ibadah shaum ibadah nu teu katingali ku jalma sejen ku kituna ibadah shaum ngajauh tina sipat ria jeung ngadeukeutan kana sipat jujur.
5.       Jalma nu shaumna enya-enya pasti bakal ngajauhan tina pacengkadan/papaseaan boh jeung dulurna atawa jeung babaturanana. Tangtuna bakal ningkatkeun kesetiakawanan social.
6.       Lamun ibadah shaum dijalankeun kalawan bener luyu jeung parentah Alloh pasti bakal ningkatkeun kadisipilanan jeung kajujuran.
Upamana shaum bisa dijalakeun kalawan luyu jeung syareat nu ku Alloh diparentahkeun mungkin wae moal aya kajadian jalma nu korupsi, ngalakukeun pembohongan public. Mudah-mudahan shaum romadhon bulan ieu bisa nyadarkeun ka jalma-jalma nu keur ngalakukeun dosa dugi ka Indonesia kajaga tin a sagala musibah. Amiin.
Mung sakitu biantara ti Sim kuring mugia ieu pedaran teh aya mangpaatna hususna kanggo Sim kuring umumna kanggo urang Sadaya. Wabillahitaufik walhidayah Wassalamu’alaikum warrahmatullahi wabbarrakaatuh.

Conto Pidato 2

Naskah  Biantara   Kanggo Patandang  ………..
PASANGGIRI BASA , SASTRA SARENG SENI SUNDA
TINGKAT KECAMATAN ASTANAJAPURA TAUN 2011

Bismillahir rohmannir rohim
Assalamu’alaikum warohmatullohi wabarokatuh
Sampurasun  ……………..!!
Sugrining Puji rawuh rasa  syukur langkung ti payun dihaturkeun kahadirat Alloh Illahi Robbi ,anu murběng alam  , anu parantos maparinan mang pirang-pirang kani’matan ka urang sadaya,terutami ni’mat  Islam  sareng Iman  tug dugi ka danget ieu urang tiasa patepung lawung patepang raray dina raraga ngamumulě tur ngaraksa budaya ki Sunda.
Solawat miwah salam  mugia tetep digolontorkeun ka jungjunan alam rosululloh solollohu alaihi wasalam  ka para sohabatna, ka kulawargina oge ka urang sadaya salaku umatna tug dugi ka akhir jaman. Amin ya robbal ‘alamin.
Para wargi hormateun sim kuring,
Sakumaha anu parantos kauninga ku urang sadaya ti  dinten  ka dinten , nguntuy  minggu ,mapay bulan, ganti taun těh , masarakat urang teu aya kendatna ditaragal  ku kabudayaan deungeun .Dina leresan ieu tangtos katitěnan sarta  karaos pisan ku urang, kumaha parobahan parobahanana,ti kawit tingkah laku,basa sareng budaya ki Sunda geus loba nu ditinggalkeu ku urang Sundana. Sok komo   dina jaman kiwari mah , jaman těhnologi anu sarwa canggih, gampil pisan narekabna budaya deungeun těh  nepi ka imah-imah ,sarta dipikawanoh ku anggota kulawarga , tinu leutik nepi ka indung bapana bari jeung taya filter pikeun nyaringna . Malah mah geus jadi kacapangan, mun teu nurutan ti mimiti makě pakěan , kalakuan jeung pola hirup  siga nu ditayangkeun dina televisi , dianggap  tinggaleun jaman cenah alias kuno.,kuper jeung istilah istilah liana.Sakapeung mah  urang těh sok salempang, boa-boa baris karandapan jati kasilih ku junti . tapi ……aaah  …palias teuing.!!
Ku hal ieu urang teu tiasa ngantep karep ,meungpeun carang,sok komo ngapi lainkeun  kaayan kieu,jalaran  hal ieu těh hiji masalah  ungkulaneun urang sadaya.
Kanggo ngungkulan ieu kaayaan anu kacida matak pikasalempangeunana,teu aya saněs,urang anu masih keneh mikanyaah tur mikadeudeuh  ki Sunda kedah guyub ,akur,sapuk sapamadegan ngahiji sabilulungan , ngawujudkeun hiji beungkeutan kakuatan,pikeun  narěkahanana. Sabab rěk ku saha deui Ki  Sunda lana ayana lamun teu diropěa,dijaga,diriksa jeung dipiara , lamun lain ku urang sadaya salaku sěkě sělěr  ki  Sunda .. Hususna masalah nu aya rambat kamalěna  sareng seni,budaya katut basa Sunda.Upami urang parantos sapamadegan  kana jentulna masalah,urang tangtos bakal mendak jalan pikeun ngungkulanana.
Parawargi sadaya,hormateun sim kuring,
Numutkeun panitěn simkuring ,sabagian ageung masarakat urang, kitu deui para gegeděn  nagara,masih kěněh  kagungan anggapan  yěn seni budaya těh ngan ukur pikeun
hiburan,panglelejar manah         .Tebih tanggěh kana tiasa ngajěnan yěn  seni budaya  těh hiji  ciri identitas bangsa ,ajěn diri nu baris ngawujudkeun citra bangsa..
Anggapan sabagian ageung masarakat anu sapertos  kitu těh  ngagambarkeun  yěn wawasan maraněhanana masih kěněh cupet tur heureut .Hal  ieu teu tiasa diantep karep,urang kedah  satěkah polah  nyingraykeun lalangsě  paneuteup samoděl kitu.
Sapanjang seni budaya  mung dianggap barang kanggo hiburan ,seni Sunda moal pinanggih jeung  pamor komara ajěnna.Kukituna  paneuteup atanapi pandangan samoděl kitu těh kedah ditarěkahan  sina robih.
Parawargi sadaya,hormateun sim kuring,
Upami ngadangu cariosan pun aki sareng pun nini   kaayaan seni budaya ki sunda  mangsa baheula  mah cenah , contona dina taun  tujuh puluhan wě nepi ka taun dalapan puluhan .naon  rupi kasenian sunda těh di unggal sakola ti kawit Taman kanak Kanak ,SD,SMP,SMA diwulangkeun ka murid-muridna .Sapertos , seni tari,pencasilat,karawitan,gondang ,calung,rěog, pupuh ,angklung jeung sajabana. Malah mah cenah aya taman bincarung,taman cangkurileung sagala ,anu lalaguanana ěstu pinuh ku atikan sareng ajaran budi pekerti, sarta unggal taun diayakeun pasanggirina.Para guru na oge cenah baheula mah parigel pisan kana rupi rupi kasenian sunda těh. Di tiap sakola lamun samen atanapi kenaikan kelas sok diayakeun “ Panggung Gembira ”anu ngagelarkeun kamoněsan tur kaparigelan murid-muridna. Malah mah cenah  di tiap instansi pamarentahan ogě  aya sanggar atanapi lingkung senina. Hal ěta kiwari ngan ukur jadi carita nu ěndah,tur jadi panineungan para sepuh kapungkur.Tah  dina jaman kiwari, naha hal ěta tiasa di hangkeutkeun deui ?.Panginten kaalaman ku sim kuring ayeuna ,kumaha ěndahna  hal samoděl kitu těh.
Para wargi sadaya  hormateun sim kuring,
Minangka pamungkas  sim kuring sasanggem dina ieu kasempetan, sim kuring umajak ka sadayana hayu urang sabilulungan miara ,mirosěa,ngaraksa ngariksa tur ngaropěa seni budaya Ki Sunda sangkan lana ayana ,ku cara karya nyata  bari ngawujudkeun silih asah,silih asih silih asuh.
Sakitu anu kapihatur mugia aya mangpaatna . cag …..ah  !!!
Billahi taopik wal hidayah wassalamu’alaikum warohmatullohi wabarokatuh.

Saung Guligah , 13 Maret 2011
                                                                                                             Mang Yadi























Rabu, 03 Agustus 2011

Lagu Manuk Dadali

http://www.youtube.com/watch?v=h8EnOozXkBw&feature=shareu

Lagu manuk dadali teh lagu Sunda nu tos diaku ku nasinal. Salian ti lalu mauk dadali aya deui lagu Sunda nu geus jadi milik nasional diantarana: Tokecang, Peuyeum Bandung, Karatagan Pahlawan, Ririungan, Mojang Priangan, Bubuy Bulan.