Amazon MP3 Clips

Rabu, 09 Januari 2013

Naskah Drama Si Kabayan Hayang Usaha


Naskah karya Ki Leuksa (Pangarang dongeng taun 80- an)
Nu Ngalalakon:
1.      SI KABAYAN
2.      NYI ITEUNG
3.      LAMSIJAN
4.      ABAH
5.      AMBU
BUBUKA KU JURU CATUR/NARATOR :Pamiarsa, Si Kabayan anu kakocap pinter tapi bodo, bodo tapi pinter, tina gunem caturna jeung Nyi Iteung meunang ilham. Seja usaha, neangan pangupa jiwa pikeun maraban kulawarga. Kumaha ketakna si Kabayan? Sumangga nyanggakeun pintonan Drama, dina carios si Kabayan Ngingu Munding.
SI KABAYAN ASUP KA PANGGUNG, LEUMPANG SALSE, KULIAT, HEUAY, TERUS DIUK SILA TUTUG, NGAGERE CEULI KU BULU HAYAM, SIRAH LEHEK/DENGDEK, PANON PEUREUM HAYAMEUN, MEUREUDEUY. DATANG NYI  ITEUNG NGAJINGJING SAPU NYERE/INJUK. JENGKEL, AMBEK, GEREGETEUN.

1.  NYI ITEUNG  : (NYENTAK ) Kabayan ! Kunaon ceuli téh hayoh waé digéré ? Kumaha   mun tosblong, siah ? Digawé kadituh, kaluman kami mah nénjona ogé.
2.  SI KABAYAN: (AYEM, LEULEUY) Jééh, kunaon ari manéh, Jikan? Mani taya bosena kana ambek-ambekan teh, soré isuk euweuh eureuna. Ulah kitu, matak téréh kolot.
3.  NYI ITEUNG  : Kaluman tuda, boga salaki téh mani euweuh pisan guam. Ngala-ngala suluh ka dituh!
4. SI KABAYAN : Aaaaah, horéam euweuh bedogna.
5. NYI ITEUNG  : Matak naon mun nginjeum ka Abah!
6. SI KABAYAN : Embung ah, sok ngambek si Abah mah. Bisi nagih ongkoh, heug kami boga kénéh hutang.
7. NYI ITEUNG :  (JENGKEL) Ih, lalaki téh teu uyahan siah ! Heug usaha atuh, ulah ngajentul waé. Turutan batur !
8.  SI KABAYAN : Usaha kana naon, Teung ?
9.  NYI ITEUNG  : Nya kana naon wé atuh, kawas batur. Keun baé teu jadi Pagawé Nagri ogé,   asal usaha nu halal. Tuh kawas Pa Haji, miara hayam, miara domba, atawa naon wé atuh. Sing aya guam hirup téh, da jelema mah teu ngeunah dagingna
(SI KABAYAN NGOREJAT, TERUS NANGTUNG, SURA-SEURI GUMASEP)
10. SI KABAYAN : Héhéhé, héhéhé, heueuh bener, Teung. Asa diingetan, puguh kami teh hayang« hayang diajar wisarwata, aéh« naon ning, Teung?
11. NYI ITEUNG : (NYENTAK) Wiraswasta, belegug ! Lain wisarwata
12. SI KABAYAN: Jééééééééh, nya ulah maké belegug atuh, Teung. Salah saeutik mah meunang.
13. NYI ITEUNG : Heueuh rék kumaha atuh?
14. SI KABAYAN : Héhéhé, kieu Teung. Akang rek badami jeung si Lamsijan. Pokona mah  Iteung ulah hariwang, Akang pasti usaha.
15. NYI ITEUNG : Jig atuh, ulah ulin waé. Sing mikir hirup téh.
16. SI KABAYAN : Nya heueuh ieu ge rék mikir.
SI KABAYAN JEUNG NYI ITEUNG LEUMPANG NGURILINGAN PANGGUNG. NYI ITEUNG KALUAR, SI LAMSIJAN ASUP KA PANGGUNG.
17. SI LAMSIJAN : (SONO) Eéééééééh, geuning manéh, Kabayan? Rék ka mana, euy ?
18. SI KABAYAN : Heueuh, bagéa Jan. Puguh ngahaja rék ka imah manéh.
19. SI LAMSIJAN  : (DARIA) Euleuh, aya naon, Kabayan? Asa rareuwas teuing, euy.
20. SI KABAYAN  : Ulah reuwas, da lain rék nagih. Puguh Kuring téh hayang diajar   wiraswasta. Cik ménta bongbolongan, kana naon, nya?
21. SI LAMSIJAN   : Ooooooh, kitu? (NEPAKAN TARANG LALAUNAN) Ké, ké, ké, kumaha, nya? Oh heueuh, kumaha mun ngingu lauk engkoy ?
22. SI KABAYAN   : (GOGODEG) Embung, teu boga balongna, Jan.
23. SI LAMSIJAN     : (SUMANGET) Ngingu puyuh atuh?
24. SI KABAYAN     : (GOGODEG) Embung ah, leutik endogna.
25. SI LAMSIJAN      : (KUCIWA) Aaaah manéh mah, nya hayang naon atuh? Da usaha anu badag mah kudu gedé modalna ogé. Mun hayang anu gedé endogna, nya ngingu munding !
26. SI KABAYAN      : (ATOH, EMPRAK) Tuaaaaaaaaah enya bener, étaaa, Jan. (NEPAK TAKTAK LAMSIJAN) Héhéhé, nuhun, Jan. Kuring satuju ngingu munding mah.Manéh téh mémang sobat anu sajati, Jan.
27. SI LAMSIJAN     : (NGOA) Hemh, boga duitna, nyah?

28. SI KABAYAN      : (SOMBONG) Wuah, duit mah gampang, Jan. Aya Abah.

Malah mah moal dilila-lila, ayeuna ge rék nepungan ka Abah.    Héhéhéhé, pasti méré ari jang modal usaha mah.

29. SI LAMSIJAN       : Hemh, mani agul boga Abah galak téh.
30. SI KABAYAN      : Iiih, galak-galak gé boga Kuring mah. Hayu, manéh rék milu, Jan?
31 SI LAMSIJAN       : Moal ah, rék nempo balong. Jig wé, diduakeun sing hasill.
32.  SI KABAYAN     : Heueuh jig atuh rék ka balong mah. Assalamualaikum..
33. SI LAMSIJAN      : Waalaikum salam warohmatullohi wa barokatuh,
MUSIK PANYELANG. ABAH JEUNG AMBU DI PANGGUNG, DATANG SI KABAYAN SURA-SEURI.
34.  ABAH                  : (TATAG) Kabayan ! Ari manéh éling, henteu?
35.  SI KABAYAN    : Iiiiih ari Abah. Nya éling atuh. Iraha Uing gélo?
36. ABAH                   : Lain nanaon, éta wé bet sura-seuri kawas anu gélo anyar.
37. SI KABAYAN      : (NYENTAK) Naooon? Gagabah teuing ??
38. ABAH                   : Naha siah disebut gélo anyar teh bet ngambek?
39. AMBU                   : (TENANG) Geus heubeul meureun, Bah.
40. ABAH                    : Boa enya, da geuning disebut gélo anyar mah ngambek.
47. SI KABAYAN         : Waaaaaaah, ulah kitu atuh, Ambu.
48. AMBU                      : (NYENTAK) Naon siah? Sakali deui nyebut kembu, dibabuk siah.
49. SI KABAYAN        : Ituh geura? Kalah kanceuh, saha nu nyebut kembu? Heunteu, Uing mah teu nyebut kembu.
50. ABAH                      : Geus, geus, ulah kamalinaan, éra kunu lalajo. Sok diuk, Kabayan. Abah rék nanya.
51. SI KABAYAN        : Héhéhé, mangga, Bah.
52. ABAH                      : Rék naon manéh téh, Kabayan?
53. SI KABAYAN        : Puguh ngahaja, Uing téh hayang tepung jeung Abah, jeung Ambu. Seja nyanggakeun silaturahmi, Bah.
54. ABAH                     : Aaah, maké jeung hayang tepung sagala. Tara ti sasarina manéh mah, Kabayan. Rék ménta duit meureun, nya? Atawa rék nginjeum paré?
55. SI KABAYAN        : Tuuuuuuuh, da. Abah mah goréng waé ka Uing téh. Can nanaon geus nuding nu lain-lain. Ulah suudon, Bah, Goréng kalakuan kitu téh. Umat Islam mah kudu alus panyangka.
56. ABAH                     : Heueuh, heueuh, lah. Manéh meunang. Sok, rék naon manéh téh atuh, Kabayan?
57. AMBU                     : Wah, minantu gejul waé diladénan, léob anggur mah.
58. SI KABAYAN         : Aduh, Ambu mah mani téga ka Uing téh.
59. AMBU                     : (NGANCAM) Tah.. tah, tah, awas siah, geus nyebut deui kembu ka aing. (Ngamang-ngamang sendal rek dibaledogkeun)
62. SI KABAYAN         : (MURINGIS) Aduh, ampun..ampun..ampun Mbu !!
63 ABAH                       : (NYENTAK) Eéééééh, meugeus, Ambu ! Cicing atuh, kami rek ngomong. Sok teruskeun Kabayan rék naon sia téh?
64. SI KABAYAN        : (DARIA) Bah, Uing téh hayang diajar wisarwata, aéh..duh.. ku hésé  ngomong téh, nya? Naon ning? Oh enya, wi- ras.. swas..ta ! Tah kitu, Bah! Jadi, Uing téh hayang diajar usaha,. Bah. Tapiii, teu boga modalna.
65. ABAH                      : Tuuuuh, pasti rék nginjeum duit ka aing.
66. SI KABAYAN        : Eeeeeh, salah atuh, Bah. Salah !! Geus goréng sangka deui baé Abah mah. Lain, lain rek nginjeum, Bah. Tapi ngajak kerjasama. Urang bagi hasil bagi untung, Joint Bah, Joint !
67. ABAH                    : Naon joint téh, Kabayan?
68. SI KABAYAN       : Usaha, tapi modalna Papatungan, Bah.
69. ABAH                    : (DARIA) Oooh usaha? Usaha kana naon, euy ?
70. AMBU                    : Wuah, moal eucreug si éta mah. Can aya dina kamusna, si Kabayan bisa usaha.
71. ABAH                     : Eééh, mangke lanan, Ambu. Urang déngékeun heula omonganana.
72. AMBU                    : Kadéngé ti tadi gé.
73. SI KABAYAN       : Héhéhé, Ambu mah ka Uing téh sengit waé.
74. ABAH                     : Sok teruskeun, Kabayan. Usaha naon téa euy? Kumaha papatungan téh?
75. SI KABAYAN        : Kieu, Bah.Urang meuli munding. Modalna papatungan, miarana ku duaan babarengan. Tapi sangkan adil, urang bagi dua miarana téh.
76. ABAH                       : Kumaha carana?
77. SI KABAYAN        : Urang sapotong éwang, Abah bujurna, Uing huluna.
78. ABAH                      : His, ké heula, ulah gagabah nyieun kacindekan téh. Naha manéh maké hayang miara huluna?
79. SI KABAYAN         : Ngarah teu kudu miceunan taina. Maraban wé wungkul.
80. ABAH                      : Ambu, cing kami ménta bongbolongan yeuh. Mun kitu carana, mana nu kudu dipilih? Huluna, atawa bujurna?
81. AMBU                     : (TANDES) Nya mending huluna atuh, miara bujur mah kudu miceunan taina. Nu kitu patut mah bikeun ka si Kabayan.
82. ABAH                      : (DARIA, TANDES) Satuju, bener pisan éta pamadegan téh, Ambu. Moal enya kolot kudu miceunan taina? Hey, Kabayan !
83. SI KABAYAN         : Kumaha, Bah?
84. ABAH                       : Heug aing daék papatungan jeung manéh, tapi kami huluna, manéh bujurna. Lamun satuju kitu, heug. Henteu mah, moal.
85. SI KABAYAN         : Moal kaduhung, Bah?
86. ABAH                      : Naha maké kudu kaduhung? Nya moal deuleu. Ieu téh hasil musyawarrroh
87. SI KABAYAN         : Cak siah, ketok palu tilu kali.Trok, trok,. trok ! Keputusan tidak dapat diganggu gugat. Kuring bujur, Abah hulu.
88. ABAH                      : Heueuh, tah saksina si Ambu.
89. SI KABAYAN         :   Jadi lah!.
(SI KABAYAN, ABAH, JEUNG AMBU KALUAR TI PANGGUNG, DIPIRIG KU KACAPI SULING).

Tidak ada komentar:

Poskan Komentar