C. Gaya Basa Rarahulan (hiperbol) jeung Gaya Basa
Ocon (metanomia)
1. Awak sagede
gajah tumpak sapedah meni palalaur.
2. Lamun
cai ledeng teu lancar kuring mah sok make Sanyo.
Dina conto kalimah nomer
hiji aya kecap sagede gajah minangka gaganti kecap bayuhyuh (gendut)
padahal sagede-gedena oge jalma moal aya ari nu sagede gajah mah . Eta kecap
teh fungsina pikeun ngantebkeun maksud sangkan karasa ku nu maca/nu
ngadengekeun leuwih teleb.
Ungkara basa nu ngaganti
kecap ku kekecapan anu kaleuleuwih siga dina kalimah nomer hiji di luhur
disebutna teh gaya basa Rarahulan atawa hiperbol.
Sedengkeun dina conto
kalimah nomer dua aya kecap Sanyo. Minangka gaganti kecap kompa cai listrik
sanajan merekna national, Hitachi jeung sajabana angger wae disebutna teh
sanyo.
Salian ti eta aya deui
merek anu tuduh kana barang tapi lain ngandung harti umum. Ieu mah upama
disebutkeun merekna, tangtu barangna eta, sanajan barangna teu disebutkeun oge.
Conto gaya basa Rarahulan sejenna:
1. Getihna
ngagolak basa ngadenge indungna dihina.
2.
Hahargaan ayeuna asa beuki apung-apungan.
3. Doakeun
proyek akang cing ngajelegur ke Ayi dipasihan komisi ageung.
Conto gaya basa Ocon sejenna:
1. Gaya euy manehna ayeuna mah geus boga avanza.
2. Om Bas ka sakola ayeuna make Mazda.
3. Ke mun ngaliwat ka warung Bi Karti kade poho
meuli aqua.
Kagiatan 3 (individu)
Tangtukeun kaasup gaya basa naon
kalimah di handap. Ku cara mere tanda ceklis!
No.
|
Kalimah
|
Gaya basa
Rarahulan
|
Gaya basa
Ocon
|
conto
|
Cing Jang, Bapa pangmeulikaun
Torabika duo!
|
|
√
|
1.
|
Tong meuli levis di toko eta
loba nu palsu!
|
|
|
2.
|
Di kota Cirebon ge ayeuna mah
loba bangunan nu jujul ka langit.
|
|
|
3.
|
Si eta mah jalma beunghar,
duitna oge dikarungan.
|
|
|
4.
|
Keur ema mah pangmeulikeun
Monde wae!
|
|
|
5.
|
Ombak dilaut kidul mah meni
sagede-gede gunung.
|
|
|
6.
|
Teh, pangmeulikeun kaki tiga
ibu panas dalem yeuh!
|
|
|
7.
|
Ngadenge beja kapal nu
ditumpangan ku kulawargana ragrag, hatena ngajerit maratan langit.
|
|
|
8.
|
Eta Sukoy teh ragrag di
Gunung Salak Bogor.
|
|
|
9.
|
Najan diceungceurikan nepi ka
kaluar cimata getih oge, nu geus maot mah moal bisa hirup deui.
|
|
|
10.
|
Nu make Mio mah sok ngarebut
najan nu makena awewe oge.
|
|
|
UJI
KOMPETENSI SISWA PANGAJARAN 5
A. Pilih salah sahiji jawaban nu dianggap paling
bener!
1. Di handap
pangarang Sunda nu sok nulis guguritan, iwal.....
a.
R. Haji Muhamad Musa (1822-1866),
b. R. Ibing Kusumayatna
c. R. Haji Abdul-Salam
d. Usep Romli HM
2. Saha nu nyebutkeun yen gugritan geus titulis
dina abad ka-19?
a.
R. Haji Muhamad Musa (1822-1866),
b. R. Ibing Kusumayatna
c. R. Haji Abdul-Salam
d. Yus Rusyana
3. Di handap judul-judul guguritan karya R Haji
Muhmad Musa, iwal....
a. Wulang Krama c. Wulang Guru
b. Wulang Murid d. Asmarandana Lahir Batin
4. Ulah sirik ka pangampih,
Ulah
nyacad kanu lian,
Deungeun
pikeun eunteung wae,
Nu lian pikeun tuladan,
Hade goreng kasawang,
Sukur ku tangtung sakujur,
.............................................
a. sasaran di badan urang
b. ria ku panggoda setann
c. badan anu katempuhan
d. nyorang lampah kalumbrahan
5. Maksud eta cutatan guguritan teh nya eta....
a. Jadi jalma kudu sirikan, cawadan nu
goreng pake conto nu alus pake eunteung kana
nikmat kudu sukuran.
b. Jadi jalma ulah sirikan, cawadan nu
goreng pake eunteung nu alus conto.
c. Jadi jalma ulah sirikan, nu alus pake
eunteung nu goreng pake conto kana nikmat kudu
sukuran.
d. Jadi jalma ulah sirikan, cawadan nu
goreng pake eunteung nu alus conto kana nikmat
kudu sukuran.
6. Betah teuing mun pagilinggisik,
salam
silih walon,
lamun pareng diuk parerendeng,
silih tanya asal teh ti mendi,
silih beuli ati,
............................................
a.
patepung jeung dulur.
b. runtut raut rukun
c.dedegan nya kitu.
d. ku pakean ge matak kataji,
7. Guru wilangan tina padalisan “Betah teuing mun pagilinggisik”
a. 8-i b. 9-i c.
10-i d. 11-i
8.
Jumlah padalisan (baris) dina pupuh asmarandana nya eta....
a. 6 b.
7 c. 8 d. 9
9.
Sedengkeun jumlah padalisan dina pupuh mijil nya eta....
a. 5 b.
6 c. 7 d. 8
10. “Teu munjuk luhur
adigung”. Lamun dirucat dumasar guru wilanganana nya eta....
a. t - eu – mun – juk – lu –
hur – a- di – gung
b. teu – mun –juk – lu – hur
– a- di – gung
c. teu – mun –juk – luh - ur
– a- di – gung
d. teu – mun –juk – lu – hur
– adi – gung
11. Awak sagede gajah tumpak
sapedah matak palalaur kitu. Kaasup gaya basa....
a. rarahulan b. ocon c. lalandian d.
kaleuleuwihi
12. Getihna ngagolak basa ngadenge
ingdungna dihina. Kecap nu ngandung gaya basa nya
eta....
a. getihna b. ngagolak c. ngadenge d.
dihina
13. Eta .... ragrag di gunung Salak
kamari. (Gaya basa ocon)
a. aqua b. Sukoy c. torabika duo d.
kareta
14. Gaya basa fungsina pikeun
ngantebkeun maksud sangkan karasa ku nu
maca/nu ngadengekeun leuwih teleb
disebut....
a. rarahulan b. ocon c. lalandian d.
kaleuleuwihi
15. Di handap mangrupa conto
kalimah nu make gaya basa rarahulan, iwal ....
a. Kudu ngayakeun rapat
akbar lamun rek milih calon pamingpin nasional mah.
b. Daun awi patinggarupay
basa kuring ningalkeun eta lembur.
c. Ulah tanggah wae ka luhur
ari leumpang teh bisi labuh.
d. Hebat Si Iim mah geus boga ninja
anyar.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar