Amazon MP3 Clips

Rabu, 27 Maret 2013

Tugas yang wajib di download oleh seluruh kelas 8


A.  Maca Wacana Kapahlawanan

Ki Bagus Rangin Perang Ngabelaan Rahayat
Sajarah ngébréhkeun yén waktu bangsa Walanda ngajajah bangsa Indonesia, rahayat Jawa Barat henteu nurut kitu waé, siga munding dikeluhan, ka pihak kolonial. Harita rahayat Jawa Barat henteu cicingeun. Di sababaraha tempat, rahayat némbongkeun sikep baruntak. Numutkeun dokumén sajarah, dina awal abad ka-19 rahayat Jawa Barat geus némbongkeun sikep baruntak ka pihak kolonial, dimimitian ku rahayat Palimanan (Cirebon) anu diluluguan ku Bagus Rangin.
Saha ari Bagus Rangin? Bagus Rangin nya eta tokoh ti Bantarjati, Majalengka, nu nangtang jeung mingpin pemberontakan ngalawan Walanda dina  Perang Cirebon tahun 1805-1812. Naha inyana boga wawanén baruntak? Bagus Rangin nya éta tokoh masyarakat daérah Cirebon anu pinuh ku élmu agama, loba luang tur lébér wawanén. Éta tokoh asalna ti Demak, turunan Embah Buyut Sambeng. Bapana Bagus Rangin ngaran Sentayem alias Buyut Téyom. Bagus Rangin boga tilu dulur lalaki. Lanceukna ngaran Buyut Bangin.
Bagus Rangin teh  jalma soléh sarta remen tirakat. Bagus Rangin mibanda gedé wiwaha sarta lébér wawanén nanjeurkeun bebeneran. Kusabab kitu, Bagus Rangin jadi tokoh anu dipikasérab tapi dipiwanoh ku rahayat, sabab inyana teu sungkan tutulung kanu butuh ku pitulungna. Tabéat jeung sikep Bagus Rangin katohyan ku Sultan Cirebon. Samalah Sultan Cirebon méré kapercayaan ka Bagus Rangin jadi kapala daérah (Kabagusan) Jatitujuh. Dina éta kalungguhan, Bagus Rangin meunang pangkat sénapati. Sanggeus meunang kalungguhan, hubungan Bagus Rangin jeung rahayat beuki raket. Ogé inyana jadi apal, yén di antara urang pribumi anu jadi kapala daérah jeung Cina aya nu jadi anték kolonial. Mémang dina zaman jajahan, pihak kolonial ngagunakeun urang Cina di Indonesia jadi “kaki-tangan” kolonial dina widang ékonomi.
Kusabab kitu, Bagus Rangin lain ngan ceuceub ka Walanda, tapi ogé ka anték-antékna. Bagus Rangin némbongkeun sikep ngalawan pihak kolonial dimimitian ku jadi pamingpin gerakan rahayat Palimanan. Harita rahayat Palimanan kahirupanana beuki katalangsara. Ari sababna, lahan garapan rakyat (patani) diséwakeun ku kapala daérah ka Cina. Sanajan kitu, rahayat diperes tanagana pikeun ngolah lahan sarta kudu mayar pajeg anu jumlahna kawilang gedé. Rahayat teu cicingeun, maranéhna ngadatangan kapala daérah — demo mun kiwari mah –, meredih sangkan jumlah pajeg diturunkeun. Rahayat kacida kuciwana, sabab kapala daérah geus jadi anték Cina jeung Walanda, nepika henteu nedunan pameredih rahayatna. Kusabab kitu, rahayat Palimanan gilig pikeun baruntak, dipimping ku Bagus Rangin jeung adina (Bagus Serit). Saméméh nagayakeun gerakan, jalma- jalma anu jadi pasukan Bagus Rangin jeung Bagus Serit dilatih perang. Anggahota pasukan nu dipimping langsung ku Bagus Rangin jumlahna kira-kira 300 urang. Anu jadi sasaran gerakan nya éta padumukan kapala daérah jeung Cina di kota Palimanan. Wakil asistén residén Cirebon ogé jadi sasaran, nepika tiwas. Iraha tegesna gerakan rahayat Palimanan mimiti der, datana tacan kapaluruh. Anapon kitu, patali jeung éta gerakan, sumber kolonial mangrupa resolusi tanggal 25 Februari 1806, nyebutkeun ayana gerakan ngalawan pamaréntah kolonial di daérah Cirebon. Tangtu gerakan anu dimaksud dina éta resolusi teh nya éta gerakan Bagus Rangin.
Gerakan Bagus Rangin meunang rojongan tokoh masyarakat di sabaraha daerah. Daerah-daerah nu mere bantuan logistik di antarana:  daérah Jatitujuh, Rajagaluh, Baruang Kulon, Baruang Wétan, Sumber, Bantarjati, Cikao, Kandanghaur, Kuningan, Linggajati, Luragung, Maja, Sumedang, Karawang, jeung Subang. Dina kaayaan kiwari mah – numutkeun data anu geus kakoreh –, pangaruh gerakan Bagus Rangin sumebar di daérah kabupatén-kabupatén Cirebon, Majalengka, Kuningan, Indramayu, Sumedang, Karawang, jeung Subang. Pakarang anu digunakan ku pasukan jeung balad Bagus Rangin nya éta bedog, keris, pedang, tumbak, bedil jeung mariem. Dua pakarang anu disebut pandeuri jumlahna saeutik, bantuan ti sabaraha urang kapala daérah (bupati).
Pikeun numpes gerakan anu diluluguan ku Bagus Rangin, Gubernur Jenderal Kompeni A.J. Wiese nugaskeun Nicolaes Engelhard pikeun mingpin pasukan Kompeni. Gubernur Jenderal ogé ménta bantuan para bupati di Tatar Sunda sangkan ngirim pasukan. Tapi teu sakabéh bupati tumut kana éta paréntah. Sabagian pasukan bantuan bupati ditugaskeun ngajaga tapel wates daérah séwang- séwangan, sangkan daérah gerakan Bagus Rangin teu ngalegaan. Sabagian deui mantu pasukan Kompeni nyerang puseur gerakan Bagus Rangin di daérah Jatitujuh (Majalengka). Di éta tempat der perang rongkah. Di dua pihak loba anu tiwas, pangpangna di pihak Bagus Rangin.
 Bagus Rangin jeung rahayat Cirebon ngayakeun deui gerakan waktu kakawasaan di Indonesia ragrag ka pamaréntah Hindia Belanda anu dipingpin ku Gubernur Jenderal H.W. Daendels (1808-1811). Alatan anu utama nya éta, kahiji, Raja Kanoman Pangéran Suriawijaya anu dibuang ku Kompeni ka Ambon, tapi akhirna dibébaskeun sarta dijenengkeun deui sultan  ku Daendels dipecat tina kalungguhanana (2 Maret 1810) sabab sikep jeung tindakan Pangéran Suriawijaya dianggap ngalawan pamarentah kolonial. Kadua, tindakan Daendels ka rahayat kacida telengesna, leuwih galak batan Kompeni. Gawé paksa jeung tindakan Daendels séjénna, estu nyangsarakeun rahayat.
Kusabab kitu, gerakan Bagus Rangin zaman pamaréntahan Daendels leuwih ditujukeun kana ngabéla rahayat, tibatan gerakan dina wanda perang. Loyog jeung anggapan rahayat yén Bagus Rangin titisan Ratu Adil, sabaraha tokoh masyarakat boga pikiran pikeun ngadegkeun nagara mangrupa karajaan. Éta karajaan rék dingaranan Nagara Panca Tengah anu puseurna di Bantarjati, dirajaan ku Bagus Rangin. Ceuk pamikiran para tokoh, tujuan gerakan bakal kahontal ku kakuatan éta karajaan. Éta rencana teu kalaksanakeun, sabab teu loyog jeung kaayaan zaman anu disanghareupan. Kusabab kitu gerakan Bagus Rangin balik deui kana gerakan perang.
Unggal ba’da solat Jumat, Bagus Rangin ngagembléng para pamingpin pasukan jeung anak buahna. Sajaba ti latihan perang, gembléngan rohani ogé dilakukeun, pikeun ngagedurkeun sumanget juang. Unggal waktu gembléngan, para pamingpin jeung anggahota pasukan maraké pakéan sarwa bodas, minangka ciri iklas ngorbankeun jiwa-raga keur ngabéla bangsa jeung agama. Bantarjati daerah Jatitujuh dipilih jadi puseur gerakan Bagus Rangin. Di eta daerah oge kajadian perang rongkah pasukan Bagus rangin kadeseh tapi Bagus Rangin salamet lantaran pasukan teu nyerang terus.
Dumasar kana data anu patali jeung éta kajadian, bisa jadi perang di Jawura lumangsung dina pertengahan tahun 1810. Kurang leuwih sataun ti harita, pamaréntah kolonial henteu ngayakeun tindakan ka pihak Bagus Rangin. Singhoréng harita kakawasaan Daendels geus melempem, malah harita Indonesia aya dina kalangkang kakawasaan Inggris. Pertengahan tahun 1811 Daendels mulang ka nagri asalna. Kakawasaan di Indonesia ragrag ka pamaréntah Inggris anu diwakilan ku Létnan Gubernur Jenderal T.S. Raffles (1811-1816). Lolongkrang waktu saméméh Raffles ngajalankeun pamaréntahan, dimangfaatkeun ku Bagus Rangin pikeun ngumpulkeun kakuatan keur neruskeun perjuangan. Pamaréntahan Raffles anu sifatna ngajajah tangtu moal béda jeung pamarentahan kolonial saméméhna, kitu meureun pamikiran Bagus Rangin harita. Di Bantarjati der deui perang rongkah (16 – 29 Februari 1812). Kusabab jumlah tanaga pasukan jeung pakarang teu saimbang, akhirna pasukan Bagus Rangin kadesek, terus mundur ka hiji tempat, tapi musuh terus ngudag. Bagus Rangin sabalad-balad ngayonan musuh di éta tempat. Éta sababna éta tempat dingaranan Pangayonan. Bagus Rangin jeung sésa baladna mundur deui ka Panongan. Pasukan musuh ningker Panongan. Nya di tempat éta akhirna Bagus Rangin katangkep (27 Juni 1812). Tanggal 12 Juli 1812 Bagus Rangin narima hukuman dipenggel sirahna di  Cirebon.
Kamus Alit –Indonesia
- ngebrehkeun (memperlihatkan/     - mibanda (memiliki)      - katalangsara (disengsarakan)
                         menyampaikan)       - pinuh (penuh)              - pamaeredih (tuntutan)
- nembongkeun (memeprlihatkan)  - dipikawanoh (dikenal)  - kiwari (sekarang)
- boga (punya)                                - katohyan (ketahuan)     - nedunan (memenuhi)- wawanen (keberanian)                  - baruntak (berontak)        - kalungguhan (kedudukan)
- loba (banyak)                                - leber (penuh)                  - kaki tangan (antek-antek)
- nedunan (memenuhi)                                - benten (beda)                - ningker (mengepung)










Kagiatan 1 (individu)

* Guru nyiapkeun tongkat/atawa kai/awi naon wae.
* Mere kasempetan ka siswa pikeun maca wacana di luhur.
* Sanggeus maca siswa nutup bukuna.
* Guru nyepeng tongkat sarta mikeun tongkat ka siswa. Siswa nu nyepeng tongkat dibere
   pertanyaan sarta kudu dijawab. Sacara estafet siswa mikeun tongkat ka baturna saha wae.
   Satiap nu nyepeng tongkat kudu ngajawab pertanyaan, kitu saterusna nepi ka kabagean
   kabeh.
* Nyimpulkeun babarengan eta materi.

Pananya keur siswa.
1.  Saha ari Bagus Rangin teh?
     .................................................................................................................................................
2.  Dina awal abad ka sabaraha di Jawa Barat geus aya pemberontakan?Dimana?
     .................................................................................................................................................
3.  Ti taun sabaraha jeung nepi ka taun sabaraha pembrontakan di Cirebon teh?
     .................................................................................................................................................
4.  Ku saha jeung rek diangkat naon Ki Bagus Rangin teh?
     .................................................................................................................................................. 5.  Naon sababna rahayat palimanan baruntak?
     .................................................................................................................................................
6.  Sabaraha urang jumlah pasukan Ki Bagus Rangin basa nyerang padumukan Kepala daerah
     Jeung Cina di Kota Palimanan?
     .................................................................................................................................................
7.  Saha wae nu jadi korban dina baruntakna rahayat Palimanan teh?
     .................................................................................................................................................
8.  Karajaan naon nu rek didirikeun ku para tokoh nu ngadukung perjuangan Ki Bagus Rangin?
     .................................................................................................................................................
9.  Meunang dukungan ti daerah mana wae perjuangan Ki Bagus Rangin teh?
     .................................................................................................................................................
10. Daerah mana nu dijadikeun puseur pemberontakan teh?
     .................................................................................................................................................
11 Taun sabaraha Deandles mulang ka nagri asalna?
    .................................................................................................................................................
12. Saha nu menta bantuan para bupati di Tatar Sunda teh?
     ................................................................................................................................................
13. Ku naon pangna Pangeran Suryawijaya dibuang ku Kumpeni? Jeung kamana dibuangna?
      .................................................................................................................................................
14. Kumaha ciri has pasukan Bagus Rangin teh?
      .................................................................................................................................................
15. Taun sabaraha kakawasaan nagara Indonesia ragrag ka Pamarentahan Inggiris! Saha
      Gubernur  nu mingpin Pamarentahan Inggris harita?
      ................................................................................................................................................
16. Taun sabaraha Ki Bagus Rangin katangkep?
      .................................................................................................................................................
17. Taun sabaraha perang di Bantar jati nu dipingpin ku Raffles?
    .................................................................................................................................................
18. Di mana pernahna ari Bantarjati teh?
    .................................................................................................................................................
19. Naon ngaran tempat katangkepna Ki Bagus Rangin?
    .................................................................................................................................................
20. Taun sabaraha jeung dimana Ki Bagus Rangin dipenggel sirahna?
    .................................................................................................................................................
B. Harti Denotatif jeung Konotatif
1.  Neng Oca metik kembang.
2.  Jang Ibrahim meuli amplop di warung.
Kecap kembang jeung kecap amplop di luhur kaasup kana harti denotatif nya eta harti sabenerna luyu jeung fakta. Eta ma’na teh teu ngalaman parobahan harti sarta teu ngahudang parasaan harti sejen di luar harti kembang jeung amplop.
Beda jeung contoh kalimah di handap:
1. Neng Oca teh kembangna di kelurahan Gunungsari mah.
2. Pantes wae jang Ibrahim asup digawe di tempat nu alus ge, da manehna mah mere amplopna
    leuwih gede.
            Aya ma’na sejen nu beda karasana dina ieu kalimah. Kecap kembang jeung kecap amplop dina eta kalimah ngandung ma’na konotatif. Najan dua kalimah di luhur ngagunakeun dua kecap nu sarua atapi aya rasa sejen. Dina kalimah nomer hiji kecap kembang lain hartina kembang nu sok ilahar dipetik di buruan imah/di taman tapi ieu mah kembang nu hartina panggeulisna atawa pangkewesna. Kitu deui dina kecap amplop kalimah nomer dua ngandung harti duit pamere atawa panyogok. Ma’na harti nu lain sabenerna atawa nu ngandung rasa sejen di luareun harti kamus/saujratna disebut ma’na konotatif.
Ilikan bedana kalimah nu ngandung ma’na denotatif jeung konotatif di handap!
Denotatif:                                                       Konotatif:
1. Neng Anggie nuju neuteup bentang.           * Bentang kelas 8-f teh Fadel.
2. Rajeun wani teh maneh mah ka budak       * Nasib jalma leutik mah sok eleh wae ku nu
    leutik.                                                              Keur kumawasa.
3. Ceuk beja di Kapetakan baheula mah         * Teu nyangka horeng Si Boing teh buaya.
    Loba buaya.
4. Miceun sampah teh kudu ka                       * Dasar carangka runtah buah atah keneh ge
    Carangka runtah atuh!                                  didahar.
5. Hayang tereh gede mah kadaharanana       *  Na ari jalma gede nya kanu miskin teh ngan
    Kudu nu aya gijian geura!                               Ngamangpaatkeun wae.

Kagiatan 2 (individu)
No.
Kecap
Kalimah ngandung ma’na debotatif
Kalimah ngandung ma’na konotatif
1.
lentah
darat

....................................................

.....................................................
2.
kaceretan

......................................................

.....................................................
3.
atahan

.....................................................

.....................................................
4.
hejo

.....................................................

....................................................
5.
leuleueur
(pelicin)

......................................................

.....................................................

 

UJI KOMPETENSISISWA PANGAJARAN 7

A. Pilih salah sahiji jawaban nu dianggap paling bener!                                             

1.   Ki Bagus Rangin teh asalna katurunan....
      a. Mataram               b. Demak                  c. Majapahit                d. Cirebon
2.   Ki Bagus Rangin mingpin pemberontakan dina awal abad ka.....
      a. 16                         b. 17                   c. 18                      d. 19
3.   Rahayat Palimana baruntak lantaran.....
      a.  Lahan garapan rakyat (patani) diséwakeun ku kapala daérah ka Cina.
       b.  Rahayat diperes tanagana pikeun ngolah lahan sarta kudu mayar pajeg anu
            jumlahna kawilang gedé.
       c.  Rahayat kacida kuciwana, sabab kapala daérah geus jadi anték Cina jeung Walanda, nepika
            henteu nedunan pameredih rahayatna.
      d. Kuciwa lantaran teu dibere kasempetan pikeun meunang pagawean nu layak.
4.   Di handap nu jadi panyabab Ki Bagus Rangin diangkta jadi bupati nya eta, iwal .....
      a. jalma soleh sarta remen tirakat                          b. leber wawanen nanjeureun bebeneran
      b. dipikaserab tapi dipikawanoh ku masarakat     d. resep perang
5.   Naon bantuan nu ditarima ku pasukan Bagus Rangin ti daerah-daerah?
      a. peso, ragaji, bedog                                            c. pedang, gobang, arit
      c. pedang, tumbak, bedil jeung mariem.     d. mobil, kapal tempur, nuklir.
6.   Saha nu ditugaskeun Gubernur  pikeun mingpin pasukan kumpeni dina numpes Ki Bagus
      Rangin?
      a. A.J. Wiese nugaskeun                                                      c. Nicolaes Engelhard
       b. Raffles                                                                                     d. Bupati
7.    Perang Jawura lumangsung dina pertengahan taun.....
       a. 1809                      b. 1810                                     c. 1811                   d. 1812
8.   Daerah nu dijadikeun puseur pergerakan Ki Bagus Rangin nya eta di....
       a. Panongan                                b. Palimanan                     c. Bantarjati                       d. Subang
9.   Bagus Rangin katangkep dina tanggal jeung taun.....
       a. 27 Juli 1812                             b. 27 Juni 1812                 c. 12 Juli 1812                    d. 12 Juni 1812
10. Ngaran adina bagus rangin teh nya eta.....
       a. Buyut Bangin                         b. Buyut Sambeng          c. Ki Bagus Serit               d. Suryawijaya
11.  Ma’na harti sabenerna luyu jeung fakta. Eta ma’na teh teu ngalaman parobahan harti sarta
     teu ngahudang parasaan harti sejen di luar harti kamus.
12.  Jang Ibrahim meuli amplop di warung. Amplop dina eta kalimah ngandung ma’na....
       a. denotatif                                  b. konotatif                       c. kiasan                              d. teu saujratna
13. Dasar carangka runtah buah atah keneh ge didahar. Kecap carangka runtah ngandung ma’na....
      a.  denotatif          b. konotatif               c. sauratna             d. luyu jeung kamus
14. Pilih kalimah nu ngadung ma’na konotatif!
     a.  Rajeun wani teh maneh mah ka budak leutik.                                                      
     b.  Ceuk beja di Kapetakan baheula mah loba buaya.
     c.  Miceun sampah teh kudu ka Carangka runtah atuh!                               
     d.  Na ari jalma gede nya kanu miskin teh ngan ngamangpaatkeun wae.
15.  Ari gawe teh ulah sok hejo tihang matak teu dipercaya ku dunungan. Kecap nu ngandung
       ma’na konotatif dina eta kalimah nya eta.....
       a.  gawe                      b. hejo                                     c. teu dipercaya                                d. dunungan
  
B.  Jawab pananya di handap kalawan bener!
1.   Picontoeun naon nu bisa ditiru ti Ki Bagus Rangin?
        .................................................................................................................................................
2.  Sanggeus maca eta carita “Ki Bagus Rangin” Perasaan kumaha nu timbul dina diri hidep!
    .................................................................................................................................................
3.  Lamun kajadian nu kaalaman di Palimanan tumiba (nimpa) ka hidep. Cing Kumaha sikep
     hidep?
    .................................................................................................................................................
4.   Naon nu dimaksud makna konotatif? .................................................................................................................................................
5. Naon deuih nu dimaksud ma’na denotatif? Bere hiji conto kalimahna!
    .................................................................................................................................................
    .................................................................................................................................................

Tidak ada komentar:

Poskan Komentar