Amazon MP3 Clips

Selasa, 02 Desember 2014

pertanyaan siswa kelas 8 2014

Naon nu dimaksud pupuh sinom?
Pupuh sinom nya eta pupuh nu miboga  Watek : ngagambarkan rasa gumbira (gumbira) atau rasa sayang (kadeudeuh).
Guru Wilangan dan Guru Lagu : 8-a, 8-i, 8-a, 8-i, 7-i, 8-u, 7-a, 8-i, 12-a.jumlah barisna aya 9 padalisan.
Naon nu dimaksud rarakitan, paparikan, jeung wawangsalan?
rarakitan nya eta wangun puisi tradisional nudiwangun ku 4 padalisan, tiap padalisan 8 suku kata. aya kecap-kecap nu diulang boh di hareup, ditengah atawa ditungung. paparikan meh darua jeung rarakitan ngan ari dina paparikan mah teu aya kecap-kecap nu diulang. Sedengkeun wawangsalan wangun puisi heubeul nu diwangun ku dua padalisan cangkang jeung eusi sarta aya wangsal nu dibalibirkeun atawa teu nembrak. contona: kembang bodas buah bunder. ngaheruk nya pipikiran (wangsalna tina jeruk).
ari KSAD (Kinanti, Sinom, Asmarandana, jeung Dangdanggula kaasup kana pupuh?
Sekar ageung jumlahna aya 4 (opat) ari sekar alit jumlahna aya 13 (tilu belas)
Sindeir, kecap atawa omongan anu hartina henteu sacerewlena. Sacerewelena hartina.....
saujratna, poksang. jadi malibir. lamun dina basa Indonesia mah tidak mengandung makna idiom. tidak banyak basa-basi.
Kumaha nangtukeun wangsal dina wawangsalan?
Wawangsalan teh cabang tina sisindiran, mangrupa omongan nu diwangun ku dua padalisan, cangkangna jeung eusina. Mun teu di barengan ku eusina, omongan wawangsalan teh tampolahna mah kawas tatarucingan.

Saperti: “Kembang bodas buah bunder………………………………………” Naon eusina? Pikeun mukakeun eusina kudu di teangan asalna. Naon ari kembang rupana bodas bangunna buah bunder? Ana di teguh hartina jeruk! Kecap jeruk di cokot engangna nu kadua, ruk, ieu teh keur nyieun kecap ngaheruk. Kapanggih eusina “ngaheruk nya pikiran”.

Jadi kecap asalna the “jeruk”, ieu sok di sebut wangsal. Numatak omongan sarupa kitu sok di sebut wawangsalan (Aya oge sawareh ahli basa jeung sastra nu nerangkeun ku jalan sejen; bisa bae, keur nambahan katerangan, malar leuwih eces).

Nu dimaksud pupuh mijil nya eta....
Sapada diwangun ku 6 (genep) padalisan (10-i, 6-o, 10-e, 10-i, 6-i, 6-u). Watekna susah, sedih, cilaka, tiiseun, atawa jempling.
1. Mesat ngapung puta sang Arimbi [10-i]
2. jeung méga geus awor [6-o]
3. beuki lila beuki luhur baé [10-é]
4. larak-lirik ningali ka bumi [10-i]
5. milari sang rayi [6-i]
6. Pangéran Bimanyu [6-u]
Naon nu dimaksud guguritan?
Guguritan nyaéta ungkara sastra anu winangun dangding atawa pupuh anu sakapeung ogé sok disebut wawacan.[1] Henteu aya wangenan anu cindek anu ngabédakeun guguritan jeung wawacan. ngan biasana guguritan mah leuwih pondok. pupuhna ngan ukur hiji atawa dua. sedengkeun wawacan caritana leuwih panjang pupuhna biasana leuwih ti dua.
bere conto sisindiran nu mangrupa raraktan!
sapanjang jalan kas soreang moal weleh diaspalan. sapanjang  tacan kasorang moal weleh diakalan.
naon bedana rumpaka kawih jeung guguritan?
kawih mah nu dinaynyikeunana dina wangun sair atawa sajak biasana mangrupa lagu-lago pop. sedengkeun guguritan anu dikawihkeunana dina wangun pupuh. jadi sipatna kauger ku patokan-patokan.
Naon nu dimaksud kanyaah indung?
Kasih sayang orang tua.
Concise (singkat padat):   Gunakan  kalimat-­‐kalimat  yang  bersifat  pernyataan  (deklaratif).   Tulislah  kalimat-­‐kalimat  yang  pendek
Naon nu dimaksud Asmarandana lahir batin?
Guguritan teh geus lila gelarna dina sastra Sunda. Ti abad ka-19 geus loba anu
nganggit guguritan. Taun 1822-1866 R. Haji Muhammad Musa nanggit Wulang
Krama; taun 1865 R.A. Bratadiwijaya nagnggit Asmarandana Lahir Batin; taun 1892 ngaran judul pupuh karangan H Muhamad Musa.
Naon nu dimaksud Kinanti?
Pupuh Kinanti mangrupakeun tembang pupuh nu ngagambarkeun nu keur kesel nungguan, deudeupeun, atawa kanyaah. Conto

budak leutik bisa ngapung

Budak leutik bisa ngapung (8u)
Babaku ngapungna peuting (8i)
Ngalayang kakalayangan (8a)
Neangan nu amis-amis (8i)                           
Sarupaning bungbuahan (8a)
Naon bae nu kapanggih (8i)

                                                   Guru Mape bahasa Sunda

                                                        Iwan Hernawan
 


Tidak ada komentar:

Poskan Komentar